Contoh Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan, Cocok Dibacakan Pelajar di Sekolah

- 5 September 2022, 10:55 WIB
Ilustrasi Si Kabayan/DOK. PR
Ilustrasi Si Kabayan/DOK. PR /Pikiran Rakyat

“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé.

Ari mitoha lalaki léos baé ka imah.
Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,”
ceuk mitoha awéwé.

“Heug,moal mitoha.”

Baca Juga: Paling Baru Ini 2 Contoh Teks Pidato Persuasif Berbagai Tema untuk Referensi Belajar di Sekolah

Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan.

Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan.

Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah