Contoh Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan, Cocok Dibacakan Pelajar di Sekolah

- 5 September 2022, 10:55 WIB
Ilustrasi Si Kabayan/DOK. PR
Ilustrasi Si Kabayan/DOK. PR /Pikiran Rakyat

Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh.

Na keur naon dunya ari lain keur
nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké...”

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Bahasa Indonesia Tema Pendidikan, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé.

Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh. Luak-lieuk béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.

“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati- ati mun mitoha ninggalkeun!”

“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk .” Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk.

Baca Juga: Bingung Cari Tempat Rekreasi, Ayo Kunjungi Ruang Baca Anak Perpustakaan Banten yang Dilengkapi Layanan Dongeng

Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah