Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung.
“Duh beurat naker,” omongna.
Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan.
“Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan.
Baca Juga: 4 Contoh Dialog Offering Help Mudah dan Singkat Dilengkapi dengan Artinya untuk Tugas Sekolah
“Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé, aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul "Édas beurat naker,” omongna
“didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka
beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong