Kumpulan Contoh Warta Sunda Singkat dan Paling Baru untuk Tugas Sekolah Muatan Lokal Berbagai Tema

- 5 Mei 2023, 08:26 WIB
Ilustrasi contoh warta bahasa Sunda tentang banjir
Ilustrasi contoh warta bahasa Sunda tentang banjir /Foto: ANTARA/Syaiful Hakim/

Hal éta akibat hujan anu tuluy-tuluyan salila sababaraha poé katukang.

Hujan anu tuluy-tuluyan oge nimbulkeun walungan anu ngaliwat ka opat désa di Cibaliung teu bisa nampung cai.

Salah saurang warga nu sawahna kakeueum, Rosidin (35) nyaritakeun dirina geus tandur salila sabulan katukang.

Manéhna ayeuna teu bisa nanaon sanggeus aya musibah ka sawahna jeung warga nu lian.

“Kuring geus ngaluarkeun waragad kurang leuwih 2-3 juta rupiah keur meuli gemuk, komo deui ayeuna geus usum ngagemuk. Tapi kumaha deui, kaayaanana kawas kieu,” ceuk Rosidin basa ditepungan, Rebo (6/1/2021).

Manéhna ogé ngaku, balukar tina kaayaan siga kitu téh sawah manéhna nu 5 hektar teu bisa digarap.

Malah geus bisa ditangtukeun moal bisa panén dina usum ieu.

“Muga-muga gancang meunangkeun cara jeung bisa pepelakan deui,” pokna.

Pasawahan di opat désa di Kacamatan Cibaliung téa jadi siga lautan cai. Luhurna cai nu ngeueum paré ditaksir nepi ka sameter.

Kuwu Sumber Wétan, Usi Sanusi negeskeun pihakna jeung warga lianna ngan ukur bisa ngupayakeun sangkan solokan teu kacocokan ku régang jeung runtah.

Halaman:

Editor: Muh Iqbal Zikri


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x