Contoh Biantara Sunda Tentang Hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2022 Terbaru, Ini Pidato Dalam Bahasa Sunda

- 15 Agustus 2022, 09:05 WIB
Contoh Biantara Bahasa Sunda.
Contoh Biantara Bahasa Sunda. /Media Blitar/ Ayu Eviana

Salah sahiji hal anu penting dina raraga mieling hari kamerdekaan, urang kedah gaduh rasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci tasyakkur ka Pangeran Nu Maha Kawasa, yen kamerdekaan nu kapimilik ku urang eta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia, diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945.

Para saderek sadaya, sajabi ti eta urang kedah sadar deuih sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieu kamerdekaan teh lain pamere ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sarta hasil usaha bangsa Indonesia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanes sakedik.

Syukur alhamdulillah dina waktu harita bangsa Indonesia sabilulungan ngahiji teu pandang bulu pikeun ngarebut lemah cai anu dipicinta Indonesia. ‘

Ku ni’mat kamerdekaan, kawajiban urang ngawangun nagara ku jalan ngagunakeun sagala daya katut upaya pikeun karna"muran sadayana.

Di antawisna kamerdekaan teh didamel jembatan emas kanggo ngudag sareng ngahontal kamajuan sareng kajayaan.

Kamajuan sareng kajayaan anu tiasa dihontal teh gumantung kana kadaek, kasungguh-sungguhan sareng kagiatan usaha dina Widang pangwangunan, boh pangwangunan Widang fisik materil atawa dina Widang mental spiritual.

Bangsa anu kirang rasa tanggung jawab, henteu giat usaha sareng teu leres-leres bajoang dina bidang pangwangunan, kaayaan bangsa anu sapertos kitu, moal aya bedana sareng nalika eta bangsa teh masih dijajah keneh.” _

Kamajuan dunya teh kudu disarengan ku kamajuan dina Widang rohani. Di antawisna sasama bangsa, sanagara, saagama sakedahna silih wasiatan dina hak jeung bebeneran. Urang sadayana diparentah ku Allah SWT sangkan silih wasiatan tina

iman, amal soleh, nangtungkeun ‘kaadilan jeung’beheneran di muka bumi, ngajaga katartiban kaamanan jeung katentreman masyarakat, sarta ngama’murkeun ieu alam dunya.

Manusa salaku makhluk Allah sadayana parantos dipaparin kakawasaan ngaraharjakeun _ sareng ngamajukeun bumi ieu, sanggup sarta tiasa ngagali rupi-rupi rahasiah alam, tiasa ngagunakeun anu saseueur-seueurna, pikeun pibekeleun hirup sareng kahirupan di dunya itu. “

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah