Contoh Biantara Sunda Tentang Hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2022 Terbaru, Ini Pidato Dalam Bahasa Sunda

- 15 Agustus 2022, 09:05 WIB
Contoh Biantara Bahasa Sunda.
Contoh Biantara Bahasa Sunda. /Media Blitar/ Ayu Eviana

Ku ngayakeun paringetan kana hari Proklamasi Kamerdekaan“ ieu, hartosna urang bangsa Indonesia parantos ngaraoskeun kamerdekaan salami 77 Taun.

Para saderek sadayana, peryogi pisan urang ngemut kana peristiwa anu kacida pentingna, yen dina tanggal 17 Agustus 1945 jam 10.00 Proklamasi Kamerdekaan RI, dikumandangkeun ka dunia Internasional, ti gedung Pegangsaan Timur 56 Jakarta. 

Baca Juga: Contoh Biantara Sunda Tema Menjaga Kesehatan di Sekolah, Singkat dan Mudah, Terjemahan Bahasa Indonesia

Dimana dina saat eta para wakil bangsa Indonesia kempel pikeun nganyatakeun tekad kamerdekaannana, sabagi bangsa anu merdeka jeung berdaulat.

Dina detik-detik eta Bung Karno sabagi pembaca teks proklamasi, sareng Sukarno-Hatta sabagi pananda tangan teks proklamasi, atas. nama sadaya bangsa Indonesia.

Ku pernyataan eta para wakil bangsa Indonesia negaskeun ka sadaya rahayat, yen kamerdekaan nasional tos kahontat Sareng ngabuktikeun ka dunia Internasional yen kamerdekaan eta hak katut milik sagala bangsa.

Para saderek sadaya.

Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka teh ngandunghartos tanggung jawab, maksadna hiji bangsa anu merdeka eta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela, ‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan. 

Baca Juga: Contoh Biantara Pidato Bahasa Sunda Tema 17 Agustus Singkat dan Jelas, Lengkap Terjemahan Bahasa Indonesia

Kudu sadar sareng pinuh kasanggupan kanggo ngayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaan lemah cai katut nagara urang.

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah