Mengenal TAMAN, Faktor Biantara Bahasa Sunda Disukai Orang, Lengkap dengan Contoh Teks Pidato

- 9 Agustus 2022, 18:51 WIB
Ilustrasi pidato
Ilustrasi pidato /Pixabay.com/@fill

Assalamualaikum Wr.Wb..

Anu dipihormat Bapak/Ibu pupuhu sakola.... Sareng anu dipikahormat ibu sareng bapa guru, sarta nu ku simabdi pikacinta rerencangan-rerencangan sarta adi-adi kelas sadayana.

Puji sinareng sukur mangga urang hanturkeun ka allah SWT, ku sabab kawasana urang tiasa ngariung di dieu dina kaayaan anu sampurna teu aya kirang hiji nanaon ogé, teu hilap sholawat sinareng salam teu liren-lirena kanggo nabi urang sarerea nabi Muhammad SAW, nabi ahir jaman anu ku urang dagoan pitulungna di dinten ahir.

Sababaraha warsih pamungkas ieu di Indonesia, hususna di wéwéngkon jawa barat sering ngalaman musibah banjir. Seueur perkawis anu menyebabkeun banjir téh janten barobah kaayaan musibah langganan anu dongkap diunggal saban warsih na.

Baca Juga: Contoh Dialog Asking dan Giving Opinion, Mudah Dipelajari Dilengkapi dengan Terjemah Bahasa Indonesia

Conto anu gampil ku urang tingali sacara langsung sababna banjir téh nyaéta, sepertos miceun runtah henteu dina tempatna, kamalir anu kacocokan ku runtah, sarta kirangna tatangkalan anu tiasa nyerepan kana cai dina waktos hujan.

Réréncangan-réréncangan saréréa..
Saha anu saleresna tiasa nungkulan kana peryogi dina perkawis banjir ieu téh? Sadar teu, lamun cai caah anu saban warsih nu dongkap di tempat urang téh lantaran nyaéta ku sabab urang sorangan?

Urang saréréa sering ngabaikeun ka lingkungan sakitaran urang, nuar tatangkalan bari jeung tara melakan, sareng micen runtah kumaha baé karepna.

Baca Juga: Kumpulan contoh Artikel Bahasa Jawa Berbagai Tema Kebudayaan dan Pendidikan untuk Tugas Sekolah

Caah ngabogaan akibat anu ageung kanggo kahirupan jalmi. Sapertos dimimitian ti langkana cai bersih, gagalna sagala rupi tatanén, kahambatna sagala rupi aktivitas sadidinten sapertos sakola jeng sajabana, sarta jadi asal muasal panyakit sepertos ateul-ateul, diare, sareng seueur deui anu liana.

Saprak caah lumangsung dugi ka kiwari ayeuna, tacan aya cara anu éféktif anu sanggem ngeureunkeun musibah caah anu dongkap tiap saban warsihna.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x