Terbaru, Ini 6 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema untuk Referensi Belajar di Sekolah, Pidato Sunda

- 7 Agustus 2022, 14:51 WIB
6 Contoh Biantara Sunda.
6 Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

Cekap sakitu waé anu tiasa simabdi dugikeun dina biantara singket ngenaan kana pentingna urang maca sholawat. Simabdi menta dihapunten lamun ceunah seueur kalepatan dina biantara ieu. Sabab, kesaéan mah ngan ukur datang ti Allah, sarta kakirangan mah datangna ti abdi sorangan.

Wassalamualaikum, wr, wb.. 

Baca Juga: Kumpulan Biantara Sunda Terbaru Tema Kemerdekaan, Pendidikan, Kesehatan, Ini Pidato Sunda Terbaru

2. Contoh biantara Sunda menyambut kelahiran anak

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah Swt. Tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa anu parantos dipaparinkeun ka urang sadayana.

Salajengna shalawat sareng kasalamatan mugi tetep dilimpahkan ka panutan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW. Sareng kasadayana kulawargina para sahabatna, sareng para pengikutna anu nganut kana ajaran anjeuna, anu malah mandar urang oge kawuwuh ku rahmat sareng kasalametanana.

Salajengna teu hilap simkuring ngahaturkeun rebu nuhun ka para wargi sadaya, anu parantos tiasa nyaosan kanggo ngahadiran undangan ieu, kanggo maparin do’a restuna kana kalahiran pun anak anu ka ... Nu lahir dina dinten ... Ping ... Nu parantos kalangkung.

Nu mudah-mudahan ku berkah du’a ti para wargi sadayana, simkuring sakulawargi tiasa dipaparin kasalametan sareng kasejahteraan hirup.

Saterasna ka para bapa, ibu sareng saderek sadaya nu ngaraos ngiring ngabantosan boh mangrupi saran atanapi nasehat ka pun bojo pikeun kalancaran lahirana bayi dina waktos anu bagja ieu, simkuring ngahaturkeun  nuhun.

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah