Terbaru, Ini 6 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema untuk Referensi Belajar di Sekolah, Pidato Sunda

- 7 Agustus 2022, 14:51 WIB
6 Contoh Biantara Sunda.
6 Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

Dina jaman kapungkur mah sateuacan datang Rasulluloh saw téh, tacan pernah aya jalmi anu ngagaduhan nami muhammad. Jadi nabi Muhammad SAW nyaéta jalmi hiji-hijina anu ngagaduhan nami kasebat.

Sadérék rahimakumulloh..

Muhammad hartina jalmi anu dipuji, margi saleresna emang Nabi Muhammad SAW jalmi anu sok dipupuji ku jalmi, sadaya mahluk sarta Alloh SWT ogé ngiring muji ka Nabi Muhammad saw, nu hartina masihan rahmat sarta keridhoan ka anjeunna.

Nah, sedengkeun lamun urang mah sok maca sholawat téh saban wanci, sala sahijina sabot tasyahud dina solat. Di saban dinten aya lima solat fardlu, éta hartina dina sapoé aya lima sholawat, hartina hiji jalmi dina sapoé maca sholawat lima kali.

Salajengna, diperintahkeuna jalmi-jalmi mukmin maca sholawat ka Nabi supados ngagungkeun anjeunna katut dimaksadkeun supados sholawat tiasa jadi sarana kanggo urang meunangkeun pahala sarta kasinugrahan ti Allah SWT.

Sadérék rahimakumullaoh..

Jalmi anu maca sholawat hartina anjeunna bener-bener mikacinta ka rosulna, sarta jalmi anu bersholawat engkina tiasa meunangkeun syafa'at ti Rasulullah saw di dinten kiamat. Amin yaa robbal alamin..

Ku kituna, hayu urang mangga sami-sami maca sholawat ti ayeuna..

اَللّـٰـهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى أَٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ فِى الْعٰلَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ

Alhamdulillahirobbilalamin, mugi-mugi urang sadaya diaku janten ummatna sarta mugi-mugi urang ogé sadaya meunangkeun syafa'at ti mantenna, amin yaa robbalalamin....

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah