Contoh Teks Biografi dan Autobiogtafi di Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 10, Lengkap Penjelasannya

- 6 Oktober 2022, 14:14 WIB
Ilustrasi menulis biografi dalam pelajaran Bahasa Sunda
Ilustrasi menulis biografi dalam pelajaran Bahasa Sunda /Pixabay/StockSnap

Nénéng SD-na di Wangisagara, SMP Muhammadiyah di Majalaya, neraskeun ka SMKI di Bandung lulus taun É982. Sakola téh lancar, rupina kalebet golongan murid nu
berpréstasi.

Lebet ka SMKI – ku yasana Bapa Djudju Sa’in – bakat sareng karesep kana kasenian téh asa kasalurkeun. Malih tos ngawitan sering minton bari mitembeyan ningkatkeun diri dina widang galindeng.

Asana harita tos ngawitan gaduh kelompok fans. Teu heuleut sataun sabada lulus ti SMKI, sabada wangsul ti Thailand, aya nu daria ngalamar. Batu turun keusik naék, pruk baé nikah taun É983. Seueur guru, réréncangan, para sepuh sareng wargi nu nganaha-naha, ku naon Nénéng buru-buru rumahtangga, padahal nuju ngawitan napak karir.

Baca Juga: Contoh Teks Editorial yang Singkat dan Mudah Dipahami, Bisa Jadi Referensi Belajar

“Si Nénéng mah gancang teuing payuna,” réréncangan ngagaronjak. Nanging da tos jadi pilihan sareng putusan pribadi, teu tiasa dihalang-halang. Malah kalayan gedé haté diniatan badé janten ibu rumahtangga sagemblengna, satia manutan ka salaki, ngarojong karirna sareng jadi indung nu ngagolontorkeun kanyaah ka barudak.

Kana seni gé cul baé dikantunkeun kawas nu pundung. Nu ngarajak manggung gé sering teu ditedunan. Aya opat taun lamina absén tina kasenian téh, katungkulkeun ku anteng ngurus
rumahtangga.

Nanging rupina ku kiatna bakat seni, taun É987 mah ancrub deui ngagabung ka “Jugala” nyarengan Ibu Euis Komariah nu kaleresan Nénéng mah kapi bibi ka anjeunna téh.***

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah