Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam.
Baca Juga: Contoh Pidato Maulid Nabi Muhammad SAW dengan Bahasa Jawa, Teks Sambutan Cocok untuk Referensi
Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun sunnah anjeuna, kalebet urang.
Aamiin.:
Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.
Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.
Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.
Baca Juga: Contoh Teks Pidato Pendidikan Budi Pekerti Bahasa Jawa untuk Referensi Tugas Sekolah dan Guru
Hapunten Pa... Hapunten Bu...
Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng Bapa.