Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Menyambut Kelahiran Anak, Mudah dan Singkat

- 12 September 2022, 19:43 WIB
Contoh Pidato Biantara Bahasa Sunda
Contoh Pidato Biantara Bahasa Sunda /Pixabay/ Jarmoluk/

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Mencegah Banjir, Mudah dan Singkat, Cocok Jadi Referensi Tugas Sekolah

Salajengna teu hilap simkuring ngahaturkeun rebu nuhun ka para wargi sadaya, anu parantos tiasa nyaosan kanggo ngahadiran undangan ieu, kanggo maparin do’a restuna kana kalahiran pun anak anu ka ... Nu lahir dina dinten ... Ping ... Nu parantos kalangkung.

Nu mudah-mudahan ku berkah du’a ti para wargi sadayana, simkuring sakulawargi tiasa dipaparin kasalametan sareng kasejahteraan hirup.

Saterasna ka para bapa, ibu sareng saderek sadaya nu ngaraos ngiring ngabantosan boh mangrupi saran atanapi nasehat ka pun bojo pikeun kalancaran lahirana bayi dina waktos anu bagja ieu, simkuring ngahaturkeun nuhun.

Fina kesempatan ieu simkuring nyuhunkeun disaksen ku para wargi sadaya, wireh pun anak anu nembe dilahirkeun dipaparin jenengan “...” 

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

Sareng sabagi limpahan rasa syukur simkuring ka Allah swt, anu mana parantos maparin karuniaNa ka urang sadaya. Para wargi sadaya di ulem ku simkuring ka dieu, kanggo sakadar tuang leueut alakadarna.

Salajengna upami aya kakirangan, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu kusimkuring disayogikeun engkina, sihapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya.

Sakali deui mugi-mugi urang sadaya kalebet jalmi anu kersa syukuran ka Allah Swt, tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa.

Rupina cekap sakitu nu kapihatur, akhirul kalam wabillahi taupiq walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah