2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Kenakalan Remaja, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Pidato di Sekolah

- 12 September 2022, 16:47 WIB
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda /pixabay.com

Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta. Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.

Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja“.

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

Narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi. Narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan. Sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian,

Tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-gaya hungkul. Bari jeung teu apal kana pibahayaeunnana. Istilah bahasa deungena mah “ drug is purpose for freestyle” .

Anu ngagunakeun jeung ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku masyarakat, teu meunang pagawean jsb. Numatak tong hayang apal kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal datang.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Jawa Tema Porsenitas, Singkat dan Mudah, Cocok untuk Memperingati Hari Olahraga Nasional

Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh, hayu urang eusian ku diajar anu soson-soson. Guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia. Sakali deui “ SAY NO TO DRUG”.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah