2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

- 9 September 2022, 18:06 WIB
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda /pixabay.com

SERANG NEWS - Berikut ini 2 contoh biantara bahasa Sunda yang bertema menyambut Maulid Nabi Muhammad SAW.

Semakin dekat dengan Maulid Nabi Muhammad SAW, yang jatuh pada 7-8 Oktober 2022, 2 biantara bahasa Sunda ini relevan kalian sampaikan.

Selain itu 2 contoh biantara bahasa Sunda yang bertema menyambut Maulid Nabi Muhammad SAW, cocok untuk referensi tugas sekolah.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Jawa Tema Porsenitas, Singkat dan Mudah, Cocok untuk Memperingati Hari Olahraga Nasional

Kalian juga bisa gunakan 2 contoh biantara bahasa Sunda tema Maulid Nabi ini, untuk tampil berpidato di sekolah.

Selanjutnya dikutip dari Pidato Bahasa Sunda, 2 biantara bahasa Sunda tema Maulid Nabi sebagai berikut:

Contoh 1:

Nu dipihormat : ketua yayasan Badrussalam

Nu dipihormat : kepala sekolah

Nu dipihormat : Dewan Guru

Bismillahirrohmaanirrohiim...

Assalaamu’alaikum Wr. Wb.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Berbagai Tema, Pidato Singkat yang Pas untuk Belajar

Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihinasta’inu ‘ala umuu riddunya wadin, wa’ala aalihii washohbihi azma’in. Amma ba’du.

Qoolallohu ta’aala fil qur’aanil kariim

A’udzubillahi minassyaitoonirrojiim

Bismillahirrohmaanirrohiim

Laqod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah liman kaana yarjulloha walyaumal akhiro wa dzakarolloha katsiroo

Kaum Muslimiin Rohimakumulloh..

Puji nu jadi pamatri nu ngacik dina ati, puja nu sumarambah dina bayah ieu sadaya kagungan Alloh azzawajalla. Rahmat sinareung salam muga tetep ngocor kajungjungan panutan alam, sosok insan anu pinuh ku suri tauladan buktusna Rasul SAW.

Baca Juga: Ciri dan Contoh Pidato Persuasif Bertema Pendidikan, Ajakan Singkat Bahasa Indonesia yang Bisa Jadi Referensi

Teu khilap ngahaturkeun sewu nuhun ka pambawa acara anu tos masihan waktos dina ieu acara sareng sim kuring bade ngatengahkeun judul :

MAULID NABI MUHAMMAD SAW

Para Hadirin anu ku sim kuring dipihormat

Dina ieu kasempetan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepelang maulid Nabi iman taqwa pa mangrupa cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka Alloh SWT sarta micinta ka Rosul SAW hal ieu pisan nu janteun dasar kakuatan dina enggoningngambah hirup kahirupan.

Urang tetep kedah nutur kana jalur Rosul, napak kana laratan mantena. Teu cekap hiji muslim laksanakeun hungkul mi eling maulid nabi saupami teu di sarengan ku padamelan anu dicontokeun ku kanjeng Nabi .Alloh SWT ngadawuh.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Persuasif Bahasa Indonesia Bertema Pengaruh Globalisasi, Cocok Buat Pelajar

Laqod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah liman kaana yarjulloha walyaumal akhiro wa dzakarolloha katsiroo

Hartosna :

temen-temen tos aya pikeun anjeun di rosululloh conto/suri tauladan anu hade.

Ku kituna hayu urang sami-sami dina enggoning urang ngarepkeun karidloan Alloh dan safaat ka Rosululloh ku cara ngalaksanakeun ibadah oge muammalah nu dibarengan ku conto rosul.

Mudah-mudahan urang sadaya kapapaosna aya dina pinutur karahayuan ginanjar ka wilejengna tur kahontal kabagjaan dunia dan akhirat ku cara ngalangkungan ieu maulid Nabi. Kukituna nu tiasa ku simkuring dipihatur hapunteun bilih aya kalepatan tina lisan.

Baca Juga: 3 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Keagamaan, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas

Wabillahi hidayah wattaufiq…

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Contoh 2:

Assalamu 'alaikum wr wb...

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas ...

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun sunnah anjeuna, kalebet urang.

Baca Juga: Kumpulan Biantara Bahasa Sunda Bertema Kemerdekaan, Pidato Singkat yang Mudah Dihafal

Aamiin.:

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.

Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.

Hapunten Pa... Hapunten Bu...

Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng Bapa.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Dialog Bahasa Inggris 2 Orang di Sekolah Singkat dan Mudah Dipahami di Sekolah

Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi sadayana.

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

Pa... Bu...

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup, namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

Baca Juga: Contoh Teks Eksplanasi Singkat Beserta Struktur Cara Membuatnya, Mudah Dipaahami Materi Sekolah

Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng nyerep dina hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang... Nyi... Elmu mah moal beurat dicacandak. Upami janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina tambih tungkul.

Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna panginten ku rengrengan nu sanesna.

Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas ... . Hatur nuhun kana sagala perhatosanna.

Di tutup ku doa

Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

Wassalamu alaikum wr wb....

Demikian ulasan 2 contoh biantara bahasa Sunda yang bertema menyambut Maulid Nabi Muhammad SAW.***

Editor: Masykur Ridlo


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah