Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Tentang Menjaga Keindahan Kampung Halaman

- 5 September 2022, 20:56 WIB
ilustrasi pidato (biantara bahasa Sunda)
ilustrasi pidato (biantara bahasa Sunda) /Pixabay/ lograstudio.

SERANG NEWS - Biantara bahasa Sunda atau pidato merupakan keahlian berbicara atau menyampaikan gagasan di depan umum.

Berbagai macam tema bisa diangkat untuk menjadi bahan biantara bahasa Sunda, mulai dari keagamaan, kenegaraan atupun untuk sambutan dalam sebuah acara.

Dalam menyampaikan biantara bahasa Sunda yang baik, juga ada struktur yang tidak boleh dilewatkan, seperti pembuka, isi dan penutup.

Baca Juga: Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda, Pidato Bertema Kesehatan yang Singkat dan Padat

Berikut ini contoh biantara bahasa Sunda yang mengangkat tema tentang menjaga keindahan kampung halaman.

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa, puji kanu maha suci, sukur ka Allah Anu Maha Ghofur.

Numana manteuna parantos maparin Ni’mat ka urang sadaya, sahingga urang sadaya tiasa pateupung lawung paamprok jonghok dina ieu kaseumpeutan.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Bahasa Indonesia untuk Kegiatan Masyarakat, Mudah, Singkat dan Jelas

Sholawat sinareung salam mugia kakocorkeun ka panutan sadaya alam, anu parantos ngeumban tugas ti gusti Alloh pikeun nyandak pituduh Al-Qur’an sareung nyandak agama anu hak nyaeta kanjeung nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tabi’in tabi’atna, anu miconto tur nuladan kana tapak lacak manteuna ti kawit dugika ayeuna.

Anu dipihormat bapa kapala sakola, anu di piati Ibu miwah bapa Guru, oge anu di tungu-tungu rerencangan sadaya.

Ngadeugna sim kuring dina dangeut ayeuna, taya sanes seuja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung di gedeng kendang gede pakauman, dag-dig-dug rasana ati, rumasa simkuring mah taya kabisa, sanggeum paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boa catur ge nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeun.

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Perpisahan Sekolah, Cocok untuk Pelajar dan Referensi Tugas

Nanging sanaos suwung ku pangaweuruh suda ku pangabisa simkuring baris nyobi ngaguar tema ieu biantara anu unina ‘Ngajaga Kaendahan Lembur'.

Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana di bareungan ngajadikeun urang buetah cicing didinya.

Di leumbur matuh banjar karang pamidangan teumpat ngiuhan tina hujan, teumpat niis lamun beurang, reureuh ngampih lamun peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah, numuwuhkeun pare nu bisa kepeutik hasilna kaala buahna.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Jawa Tentang Kesehatan, Bahaya Narkoba dan Miras Bagi Remaja

Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang teuteup di jaga kaendahanna teu di ruksak ku leungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tingal di kota-kota tos seusah meundakan sawah, tos jarang aya pancuran.

Tos dibangun mol pangbalanjaan anu meugah neupika teu meurhatikeun bahayana.

Mangpang meumpeung hirup di leumbur anu asri asih keneh, hayu urang jaga sing teuteup kieu rongkongna sora bangkong reangna sora jangkrik jeung recitna sora tonggeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun.

Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar, nyaah, jeung miara eunya-eunya, teu jorok ka leumbur sorangan, miceun runtah dina teumpatna, kai teu di tuar sangeunahna ahirna alam mere akibatna.

Baca Juga: Contoh Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan, Cocok Dibacakan Pelajar di Sekolah

Mangpang-meumpeung urang hirup ayeuna, yu urang jaga leumbur pamatuhan, nu endah taya papadana ku urang, keur urang, jeung anu urang.

Sakitu anu kapihatur, nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiran’

Ngalamun mubuy bakakak

Mawa dahan tina tulang

Mun leumbur tuluy di ruksak

Musibah datang, kaendahan oge ilang

Mung sakitu anu kapihatur, manawi bahan katampi. Hapunteun sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meuri. Ieumah mungguhing ka jurung ku identitas salaku nonoman sunda.

Baca Juga: Ini 2 Contoh Teks Pidato Persuasif Bahasa Indonesia Tema Lingkungan, Mudah Dihafal untuk Tugas Sekolah

Sasieureun sabeunyeureun mah ngiring nyumbang saran. Amit mungkur, hapunteun sakali deui boh bilih aya basa anu kirang meureunah sumarambah kana manah, sareung matak nyeuleukit kana ati.

Sabeulah di Banjar

Di remetkeun duanana

Pamugi Alloh ngaganjar

Nyalameutkeun sadayana.

Assalamualaikum. Wr. Wb

Demikian contoh biantara bahasa Sunda tentang pentingnya menjaga keindahan dan keasrian kampung halaman.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah