Simak Ini 3 Contoh Biantara Sunda Terbaru dengan Berbagai Tema, Pidato Bahasa Sunda Paling Baru

- 28 Agustus 2022, 21:05 WIB
3 Contoh Biantara Sunda.
3 Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

SERANG NEWS - Simak ini 3 contoh biantara Sunda terbaru dengan berbagai tema, pidato Bahasa Sunda paling baru.

3 contoh biantara Sunda yang kami bagikan ini sangat mudah dihafal sehingga cocok untuk tugas sekolah.

Bagi para siswa terutama yang berada di Jawa Barat 3 contoh biantara Sunda ini cocok untuk referensi belajar.

Dirangkum dari berbagai sumber berikut ini 3 contoh biantara Sunda atau pidato bahasa Sunda paling baru. 

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Kebersihan di Sekolah, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas

Contoh biantara 1

Assalamualaikum wr. Wb

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, patepang wajah.

Salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin.

Hadirin anu dipikahormat,

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan. Bisa nyadarkeun yen saenyana sagala perkara anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt.

Ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran. Sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt. Jjadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt. Hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun nikmat ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato untuk Acara Tasyakuran, Mudah dan Singkat, Lengkap Terjemah Bahasa Indone

Upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt. Kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Sareng upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja

Anu hartosna :

“saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten.

Wassalamu ‘alaikum wr.wb 

Baca Juga: Kumpulan Contoh Biantara Sunda Baru untuk Pidato dan Ceramah Bahasa Sunda Beragam Tema, Beserta Strukturnya

Contoh biantara 2

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

Bapak sareng Ibu Guru oge hadirin sadayana nu ku simkuring dipihormat.

Shalawat sareng salam urang haturkeun ka Junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulantaran Anjeuna pisan urang sadayana janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di Mulya keun ku Allah

Unggal jalmi tos tangtu ngaharepkeun kabagjaan Dunya rawuh Akherat. Kabagjaan eta teu tiasa dilakonan kucara sakadaek, hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat agama Islam.

Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, saperti nu ditulis  dina  Al-qur'an sareng Hadits. 

Ngalakukeun ibadah mun di mimitian ku hate nu Ikhlas, hartina ngalakukeun kaalusan teh teu hayang di tempo, komo deui dipuji ku batur mah. 

Baca Juga: Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda Bertema Ikhlas, Pidato Lengkap Terjemahan Bahasa Indonesia

Urang kudu ngajauhkeun diri tina kalakuan Riya, sabab hal eta nu  bisa ngancurkeun amalan hade , akhirna urang ibadah teh ngan sakadar meunang cape .

Kanjeung Nabi SAW nerangkeun , Ciri-ciri jalmi nu Riya, nyaeta:

1. Sanajan sifat aslina males, bakal rajin lamun dihareupeun batur.

2. Ibadahna getol karna hayang dipuji ku batur, mun di tegor langsung pundung

Mudah-mudahan urang sadayana ditebihkeun dina sifat Riya tadi,, Amiiin ya Robbal Alamiin..

Mung sakitu pihatur ti simkuring, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Hapunten pami masih seueur keneh pisan kakiranganana.

Akhiirul Kalaam, Wabillaahi taufiiq Wal hidaayah

Wassalamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh. 

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Biantara Bahasa Sunda Tema 17 Agustus Hari Kemerdekaan yang Singkat, Padat dan Jelas

Contoh biantara Sunda 3

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci.

Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina

“ COBAAN ATAWA UJIAN “

Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :

1. Ujian anu manis

2. Ujian anu pait

- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah

- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah

Jadi kasimpulanana

Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?

sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7

Anu hartosna

Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.

Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar.

Nabi bersabda :

Sabar eta sabagian tina iman

Sareng Allah ngadawuh :

Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.

Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.

Hapunten bilih aya kalepatan.....

Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.

Simak ini 3 contoh biantara Sunda terbaru dengan berbagai tema, pidato Bahasa Sunda paling baru.***

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x