Contoh Biantara Sunda Tentang Hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2022 Terbaru, Ini Pidato Dalam Bahasa Sunda

- 15 Agustus 2022, 09:05 WIB
Contoh Biantara Bahasa Sunda.
Contoh Biantara Bahasa Sunda. /Media Blitar/ Ayu Eviana

SERANG NEWS - Simak ini contoh biantara Sunda tentang hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2022 terbaru.

Contoh Biantara Sunda atau pidato dalam berbahasa Sunda ini sangat cocok untuk referensi belajar maupun bahan ikut lomba.

Adapun pada contoh biantara Sunda kali ini akan membahas materi tentang hari Kemerdekaan RI yang jatuh pada 17 Agustus 2022 mendatang.

Semoga dengan adanya contoh biantara Sunda ini bisa menjadi bahan ajar untuk menulis pidato dalam bahasa Sunda. 

Baca Juga: Ini 3 Contoh Biantara Sunda Terbaru Berbagai Tema Mulai dari Pendidikan, Kesehatan hingga Kemerdekaan RI

Langsung saja tanpa berbasa-basi berikut ini kami sajikan contohnya yang dikutip dari berbagai sumber.

Para saderek Sabangsa jeung salemah cai

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Puji sareng syukur disanggakeun ka hadirat Ilahi Rabbi, urang sadayana tiasa sasarengan mieling hari Proklamasi Kamerdekaan Republik Indonesia nu ka 77.

Ku ngayakeun paringetan kana hari Proklamasi Kamerdekaan“ ieu, hartosna urang bangsa Indonesia parantos ngaraoskeun kamerdekaan salami 77 Taun.

Para saderek sadayana, peryogi pisan urang ngemut kana peristiwa anu kacida pentingna, yen dina tanggal 17 Agustus 1945 jam 10.00 Proklamasi Kamerdekaan RI, dikumandangkeun ka dunia Internasional, ti gedung Pegangsaan Timur 56 Jakarta. 

Baca Juga: Contoh Biantara Sunda Tema Menjaga Kesehatan di Sekolah, Singkat dan Mudah, Terjemahan Bahasa Indonesia

Dimana dina saat eta para wakil bangsa Indonesia kempel pikeun nganyatakeun tekad kamerdekaannana, sabagi bangsa anu merdeka jeung berdaulat.

Dina detik-detik eta Bung Karno sabagi pembaca teks proklamasi, sareng Sukarno-Hatta sabagi pananda tangan teks proklamasi, atas. nama sadaya bangsa Indonesia.

Ku pernyataan eta para wakil bangsa Indonesia negaskeun ka sadaya rahayat, yen kamerdekaan nasional tos kahontat Sareng ngabuktikeun ka dunia Internasional yen kamerdekaan eta hak katut milik sagala bangsa.

Para saderek sadaya.

Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka teh ngandunghartos tanggung jawab, maksadna hiji bangsa anu merdeka eta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela, ‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan. 

Baca Juga: Contoh Biantara Pidato Bahasa Sunda Tema 17 Agustus Singkat dan Jelas, Lengkap Terjemahan Bahasa Indonesia

Kudu sadar sareng pinuh kasanggupan kanggo ngayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaan lemah cai katut nagara urang.

Salah sahiji hal anu penting dina raraga mieling hari kamerdekaan, urang kedah gaduh rasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci tasyakkur ka Pangeran Nu Maha Kawasa, yen kamerdekaan nu kapimilik ku urang eta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia, diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945.

Para saderek sadaya, sajabi ti eta urang kedah sadar deuih sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieu kamerdekaan teh lain pamere ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sarta hasil usaha bangsa Indonesia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanes sakedik.

Syukur alhamdulillah dina waktu harita bangsa Indonesia sabilulungan ngahiji teu pandang bulu pikeun ngarebut lemah cai anu dipicinta Indonesia. ‘

Ku ni’mat kamerdekaan, kawajiban urang ngawangun nagara ku jalan ngagunakeun sagala daya katut upaya pikeun karna"muran sadayana.

Di antawisna kamerdekaan teh didamel jembatan emas kanggo ngudag sareng ngahontal kamajuan sareng kajayaan.

Kamajuan sareng kajayaan anu tiasa dihontal teh gumantung kana kadaek, kasungguh-sungguhan sareng kagiatan usaha dina Widang pangwangunan, boh pangwangunan Widang fisik materil atawa dina Widang mental spiritual.

Bangsa anu kirang rasa tanggung jawab, henteu giat usaha sareng teu leres-leres bajoang dina bidang pangwangunan, kaayaan bangsa anu sapertos kitu, moal aya bedana sareng nalika eta bangsa teh masih dijajah keneh.” _

Kamajuan dunya teh kudu disarengan ku kamajuan dina Widang rohani. Di antawisna sasama bangsa, sanagara, saagama sakedahna silih wasiatan dina hak jeung bebeneran. Urang sadayana diparentah ku Allah SWT sangkan silih wasiatan tina

iman, amal soleh, nangtungkeun ‘kaadilan jeung’beheneran di muka bumi, ngajaga katartiban kaamanan jeung katentreman masyarakat, sarta ngama’murkeun ieu alam dunya.

Manusa salaku makhluk Allah sadayana parantos dipaparin kakawasaan ngaraharjakeun _ sareng ngamajukeun bumi ieu, sanggup sarta tiasa ngagali rupi-rupi rahasiah alam, tiasa ngagunakeun anu saseueur-seueurna, pikeun pibekeleun hirup sareng kahirupan di dunya itu. “

Dawuhan Allah dina Al-Qur’an surat Hud ayat 60:

"Nya Anjeunna anu ngayugakeun‘maraneh tina bumijeung supaya maraneh ngama’murkeun bumi, ku kituna maraneh geura menta pangampura ka Anjeunna, jeung geura tarobat ka Anjeunna, karana saestuna Pangeran kaula kacida deukeu tna jeung ngaijabah.”

Para saderek sadaya.

Nagara urang parantos ngagaduhan falsafah Pancasila sareng UUD 1945, mangga urang sami-sami pertahankeun tina rongrongan tangan-tangan jahil nu rek ngarintang’ kana lancarna pangwangunan di nagara.

Akhirna dina raraga mieling hari kemerdekaan ayeuna, mangga urang sami-sami mintonkeun rasa syukur ka Pangeran nu parantos maparinkeun ni’mat kamerdekaan ka urang sadaya ku jalan:

1. Ngado’akeun ka arwah para pahlawan nu parantos gugur di medan bakti, ngemutkeun kana jasa-jasana ngorbankeun jiwa katut ragana pikeun ngabela sareng mertahankeun kamerdekaan lemah caina.

2. Ningkatkeun sumanget kapahlawanan hoyong neraskeun perjuangan para pahlawan nu parantos gugur, dina widang ngeusi sareng miara kamerdekaan ku jalan ngawangun dina saniskaten widang sarta rajin ngulik sareng mukakeun rasiah-rasiah alam anu aya sakuliah alam Indonesia ieu kanggo kamajuan sareng kama’muran bangsa Indonesia.

Sakitu kapihatur, mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat ka sadaya bangsa Indonesia. Aamiin!

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Demikian ulasan mengenai contoh biantara Sunda tentang hari Kemerdekaan RI 17 Agustus 2022 terbaru.***

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah