Contoh Teks Dialog Bahasa Sunda, Paguneman Tentang Belajar Kelompok Siswa

- 13 Agustus 2022, 12:02 WIB
Ilustrasi dialog bahasa Inggris
Ilustrasi dialog bahasa Inggris /Pixabay/Geralt

SERANG NEWS - Berikut ini akan disajikan contoh teks dialog (paguneman) bahasa Sunda yang membahas soal kerja kelompok siswa.

Paguneman merupakan obrolan atau dialog antara dua orang atau lebih. Dalam komunikasi itu, berbagai hal bisa disampaikan seperti ide dan rasa, serta kita bisa mengetahui gagasan dan rasa orang lain.

Paguneman bisa bersifat komunikasi langsung secara lisan atau bisa juga berbentuk tulisan, seperti naskah drama atau teater.

Baca Juga: Contoh Dialog Suggestion and Offer 2 Orang Terbaru, Memberi Saran dan Tawaran Bantuan dalam Bahasa Inggris

Berikut ini akan disajikan contoh teks dialog atau paguneman bahasa Sunda siswa yang sedang belajar kelompok:

Mimin : Assalamu’alaikum wr. wb. Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka réréncangan anu parantos kersa ngaluuhan ieu sawala. Mugi-mugi ku hadirna saderek langkung seueur gagasan anu tiasa dikapayunkeun.

Diskusi ayeuna teh bade madungdengkeun pancen pangajaran basa Sunda kanggo kelompok urang anu dipasihkeun ku Ibu Guru. Saper-tos kauninga, kelompok urang teh kabagean nganalisis puisi anu judulna “Aki jeung Balon” yasana Ami Raksanagara. Anu kedah didiskusikeun ku urang sadaya teh nyaeta naon temana, kumaha suasanana, sareng naon amanatna.

Anu kahiji, urang diskusikeun heula temana. Manawi aya ti antara rerencangan anu tos gaduh gambaran, kira-kirana naon tema eta sajak teh?

Baca Juga: Paling Baru, Ini Contoh Dialog Suggestion untuk Siswa Belajar di Sekolah Atau Rumah, Beserta Artinya

Dindin: Ari numutkeun sim kuring mah, temana teh kahirupan akiaki tukang balon anu sok diheureuyan ku barudak. Eta akiaki teh pikarunyaeun pisan, tapi barudak teh kalah hayoh we ngaheureuyan.

Umar: Hapunten, naon anu didugikeun ku Didin numutkeun sim kuring mah panjang teuing. Apan kalimah tema mah kedah
singget.

Mimin : Muhun Din, cing langkung singget.

Dindin: Kumaha upami kieu, temana teh nyaeta aki-aki tukang balon nu hirupna pikawatireun.

Susi : Ke, Din. Upami teu lepat mah sanes tukang balon Si Aki teh. Da apan di dinya aya kalimah “deudeuh teuing kasep di aki mah
henteu aya, niupna ge aki mah geus teu kawasa”. Hartosna Si Aki teh teu kagungan balon. Upami bade oge Si Aki teh tukang
icalan kaulinan barudak.

Baca Juga: Ini Contoh Dialog Asking, Giving and Refusing Permission Beserta Artinya, Percakapan Bahasa Inggris

Umar : Tah kitu, leres Susi.

Dindin : Muhun nya, hilap!

Mimin : Janten urang cindekkeun we nya, temana téh “aki-aki tukang dagang kaulinan barudak anu hirupna pikawatireun”. Tah, ayeuna cing emutan deui kumaha suasana anu aya dina sajak “Aki jeung Balon” teh?

Umar : Numutkeun sim kuring mah pikasebeleun?

Susi : Naon anu pikasebeleun teh? Puguh pikawatireun, atanapi pikasediheun.

Umar : Eta barudak anu ngaheureuyan aki-aki, pikasebeleun apan. Terang tos sepuh Si Aki teh, kalah hayoh dilejokeun!

Mimin : Atuh eta mah teu ngawakilan suasana sajak. Manawi nu sanes aya kamandang?

Baca Juga: Ini 2 Contoh Dialog Asking and Giving Opinion Terbaru Lengkap Disertai Artinya, Referensi Belajar Siswa

Dindin : Sim kuring sapamadegan sareng Susi, upami teu pikawatireun suasanana téh pikasediheun.

Umar : Muhun atos we duanana. Da kitu kanyataanana.

Mimin : Heug urang seratkeun duanana we nya.

Demikian contoh dialog atau paguneman bahasa Sunda yang membahasa soal belajar kelompok siswa.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Buku


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah