Contoh Teks Dialog Bahasa Sunda, Paguneman Tentang Belajar Kelompok Siswa

- 13 Agustus 2022, 12:02 WIB
Ilustrasi dialog bahasa Inggris
Ilustrasi dialog bahasa Inggris /Pixabay/Geralt

Umar: Hapunten, naon anu didugikeun ku Didin numutkeun sim kuring mah panjang teuing. Apan kalimah tema mah kedah
singget.

Mimin : Muhun Din, cing langkung singget.

Dindin: Kumaha upami kieu, temana teh nyaeta aki-aki tukang balon nu hirupna pikawatireun.

Susi : Ke, Din. Upami teu lepat mah sanes tukang balon Si Aki teh. Da apan di dinya aya kalimah “deudeuh teuing kasep di aki mah
henteu aya, niupna ge aki mah geus teu kawasa”. Hartosna Si Aki teh teu kagungan balon. Upami bade oge Si Aki teh tukang
icalan kaulinan barudak.

Baca Juga: Ini Contoh Dialog Asking, Giving and Refusing Permission Beserta Artinya, Percakapan Bahasa Inggris

Umar : Tah kitu, leres Susi.

Dindin : Muhun nya, hilap!

Mimin : Janten urang cindekkeun we nya, temana téh “aki-aki tukang dagang kaulinan barudak anu hirupna pikawatireun”. Tah, ayeuna cing emutan deui kumaha suasana anu aya dina sajak “Aki jeung Balon” teh?

Umar : Numutkeun sim kuring mah pikasebeleun?

Susi : Naon anu pikasebeleun teh? Puguh pikawatireun, atanapi pikasediheun.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Buku


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah