2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Bertema Perpisahan Sekolah, Pidato Ucapan Terimakasih Kepada Guru

- 10 Agustus 2022, 14:16 WIB
Ilustrasi biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah
Ilustrasi biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah /*/mantrasukabumi.com/Pixabay/HugoAtaide

SERANG NEWS - Berikut ini akan disajikan dua contoh biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah yang mengharukan.

Biantara bahasa Sunda ini cocok dibacakan saat momen perpisahan dan sebagai ucapan terimakasih kepada bapak/ibu guru di sekolah.

Biantara bahasa Sunda ini juga sudah lengkap dengan struktur salam, pembuka, isi hingga penutup.

Baca Juga: Mengenal Paguneman Bahasa Sunda, Lengkap dengan Contoh dan Penjelasannya

Dikutip dari berbagai sumber, berikut ini 2 contoh biantara bahasa Sunda atau pidato tentang perpisahan sekolah:

1. Contoh 1

Assalamualaikum Wr. Wb

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun.

Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Baca Juga: Ini Negara Asean Berbentuk Kepulauan Selain Indonesia, Ada Berapa Negara, Ini Penjelasannya

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru.

Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Baca Juga: Ini Contoh Dialog Suggestion untuk 2 Orang, Mudah dan Singkat Beserta Artinya, Bisa untuk Tugas Sekolah

Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah
Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring.

Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring
saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi
sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan.

Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Baca Juga: 3 Contoh Dialog Offering Help and Service untuk 2 Orang Bahasa Inggris dan Artinya Mudah Dihafal Tugas Sekolah

Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu’alaikum wr. wb.

2. Contoh 2

Assalamualaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Teks Iklan yang Menarik dan Efektif untuk Promosi Produk dan Jasa, Pahami Strukturnya

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.

Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.

Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun.

Baca Juga: Contoh Dialog Offering Help Terbaru dalam Bahasa Inggris Dilengkapi Artinya, Yuk Belajar Bareng

Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin

Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana.

Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

Baca Juga: Mengenal TAMAN, Faktor Biantara Bahasa Sunda Disukai Orang, Lengkap dengan Contoh Teks Pidato

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur

Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah.

Wassalualaikum wr. wb.

Demikian 2 contoh biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah yang bisa membuat haru.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x