2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Bertema Perpisahan Sekolah, Pidato Ucapan Terimakasih Kepada Guru

- 10 Agustus 2022, 14:16 WIB
Ilustrasi biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah
Ilustrasi biantara bahasa Sunda tentang perpisahan sekolah /*/mantrasukabumi.com/Pixabay/HugoAtaide

Baca Juga: Ini Negara Asean Berbentuk Kepulauan Selain Indonesia, Ada Berapa Negara, Ini Penjelasannya

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru.

Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Baca Juga: Ini Contoh Dialog Suggestion untuk 2 Orang, Mudah dan Singkat Beserta Artinya, Bisa untuk Tugas Sekolah

Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah
Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring.

Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring
saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi
sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan.

Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Baca Juga: 3 Contoh Dialog Offering Help and Service untuk 2 Orang Bahasa Inggris dan Artinya Mudah Dihafal Tugas Sekolah

Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Halaman:

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah