Contoh Biantara Sunda Tema HUT RI Kemerdekaan Bangsa Indonesia, Ini Pidato Sunda untuk Belajar di Sekolah

- 9 Agustus 2022, 08:05 WIB
Ilustrasi contoh biantara sunda
Ilustrasi contoh biantara sunda /pexels.com/pixabay.

Para saderek sadaya.

Anu kedah jadi perbatasan salamina, merdeka teh ngandunghartos tanggung jawab, maksadna hiji bangsa anu merdeka eta kedah pinuh ku rasa tanggung jawab kanggo ngabela, ‘miara, ngurus sareng ngeusian’ kamerdekaan.

Kudu sadar sareng pinuh kasanggupan kanggo ngayakeun rupi-rupi pangorbanan anu diperlukeun kanggo kaluhuran, kamajuan sareng kajayaan lemah cai katut nagara urang.

Salah sahiji hal anu penting dina raraga mieling hari kamerdekaan, urang kedah gaduh rasa anu sajero-jerona dina jiwa anu suci tasyakkur ka Pangeran Nu Maha Kawasa, yen kamerdekaan nu kapimilik ku urang eta karunia ti Allah nu dipasihkeun ka bangsa Indonesia, diproklamirkeun dina tanggal 17 Agustus 1945. 

Baca Juga: Terbaru, Ini 6 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema untuk Referensi Belajar di Sekolah, Pidato Sunda

Para saderek sadaya, sajabi ti eta urang kedah sadar deuih sareng leres-leres tiasa ngahayati yen ieu kamerdekaan teh lain pamere ti penjajah, tapi kamerdekaan teh hasil perjuangan anu nyata sarta hasil usaha bangsa Indonesia, ngorbankeun harta, tanaga sareng jiwa raga nu sanes sakedik.

Syukur alhamdulillah dina waktu harita bangsa Indonesia sabilulungan ngahiji teu pandang bulu pikeun ngarebut lemah cai anu dipicinta Indonesia. ‘

Ku ni’mat kamerdekaan, kawajiban urang ngawangun nagara ku jalan ngagunakeun sagala daya katut upaya pikeun karna"muran sadayana.

Di antawisna kamerdekaan teh didamel jembatan emas kanggo ngudag sareng ngahontal kamajuan sareng kajayaan.

Kamajuan sareng kajayaan anu tiasa dihontal teh gumantung kana kadaek, kasungguh-sungguhan sareng kagiatan usaha dina Widang pangwangunan, boh pangwangunan Widang fisik materil atawa dina Widang mental spiritual.

Halaman:

Editor: Kiki


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x