Terbaru, Ini 6 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema untuk Referensi Belajar di Sekolah, Pidato Sunda

- 7 Agustus 2022, 14:51 WIB
6 Contoh Biantara Sunda.
6 Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

SERANG NEWS - Terbaru, ini 6 contoh biantara Sunda berbagai tema untuk referensi belajar di sekolah, pidato Sunda.

Bagi para siswa yang sedang mempelajari pidato Sunda, bisa simak referensi biantara Sunda berikut ini.

Biantara Sunda atau pidato Sunda merupakan salah satu mata pelajaran yang diajarkan bagi siswa yang berasa di Jawa barat.

Dalam menyampaikan biantara Sunda atau pidato Sunda tentu ada tujuan yang ingin dicapai untuk mempengaruhi pandangan orang lain. 

Baca Juga: Ini Contoh Biantara Sunda Terbaru Tema Kemerdekaan RI Dibawakan Saat Pidato Sunda 17 Agustus 2022

Pidato sendiri merupakan suatu tindakan yang baik untuk disampaikan kepada banyak orang. Maksud dari pidato tersebut adalah:

1. Mempengaruhi orang lain agar mau mengikuti keinginan kita

2. Memberikan pemahaman atau informasi kepada orang lain

3. Membuat orang lain senang dan puas dengan kinerja yang kita tampilkan.

Struktur atau bagian-bagian biantara yaitu bubuka (pembuka), eusi (isi), dan panutup (penutup). 

Baca Juga: Kumpulan Paribasa (Peribahasa) Sunda yang Sering Digunakan dalam Isi Biantara, Lengkap dengan Maknanya

1 Bubuka
2 Eusi
3 Panutup

Bubuka

Pada bagian bubuka (pembukaan) dimulai dengan ucapan salam seperti assalamu’alaikum, sampurasun, salam sejahtara, dan sebagainya.

Bagi umat Islam, biasanya dilanjutkan dengan mukadimah yaitu membacakan puji syukur kepada Alloh SWT dan sholawat kepada Nabi Muhammad SAW.

Setelah itu dilanjutkan dengan menyampaikan hormat kepada hadirin yang menghadiri acara.

Terakhir, biasanya ucapan terima kasih kepada MC atau pembawa acara yang telah memberi waktu dan kesempatan. 

Eusi

Pada bagian eusi (isi) menjelaskan atau menjabarkan segala hal yang ingin disampaikan atau maksud yang berpidato.

Panutup

Pada bagian panutup (penutup) biasanya menyampaikan permohonan maaf apabila ada kesalahan ucapan, ucapan terima kasih kepada hadirin yang telah menyimak/ mendengarkan, do’a, lalu diakhiri dengan salam penutup. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda yang Singkat dan Jelas, Pidato Rapat OSIS Persiapan Hari Kemerdekaan 17 Agustus

Dikutip dari berbagai sumber berikut ini 6 contoh biantara Sunda atau pidato Sunda berbagai tema.

1. Contoh Biantara Sunda pentingnya membaca sholawat

Assalamualaikum wr wb..

Puji sinareng sukur mangga urang panjatkan ka Allah SWT. Anu parantos masihan urang nikmat iman sareng islam. Sholawat sareng salam mugia kacurah limpahkeun ka jungjungan urang saréréa.

Nyaéta habibana wanabiyyana Muhammad saw, sareng ka kulawargina, para sohabatna, tabi'in sarta tabi'atnya. Mugi-mugi urang salaku umatna ogé menangkeun syafa'at ti mantenna. Amin yaa robbal alamin..

Bapa/Ibu, sadérék, réréncangan anu ku simabdi dipikahormat..

Urang terang, yén Nabi Muhammad téh nyaéta nami ti nabi urang saréréa. Muhammad ngagaduhan hiji hartos dina basa arab, muhammad nyaéta isim maf'ul anu ngagaduhan harti nyéta jalmi anu dipuji.

Dina jaman kapungkur mah sateuacan datang Rasulluloh saw téh, tacan pernah aya jalmi anu ngagaduhan nami muhammad. Jadi nabi Muhammad SAW nyaéta jalmi hiji-hijina anu ngagaduhan nami kasebat.

Sadérék rahimakumulloh..

Muhammad hartina jalmi anu dipuji, margi saleresna emang Nabi Muhammad SAW jalmi anu sok dipupuji ku jalmi, sadaya mahluk sarta Alloh SWT ogé ngiring muji ka Nabi Muhammad saw, nu hartina masihan rahmat sarta keridhoan ka anjeunna.

Nah, sedengkeun lamun urang mah sok maca sholawat téh saban wanci, sala sahijina sabot tasyahud dina solat. Di saban dinten aya lima solat fardlu, éta hartina dina sapoé aya lima sholawat, hartina hiji jalmi dina sapoé maca sholawat lima kali.

Salajengna, diperintahkeuna jalmi-jalmi mukmin maca sholawat ka Nabi supados ngagungkeun anjeunna katut dimaksadkeun supados sholawat tiasa jadi sarana kanggo urang meunangkeun pahala sarta kasinugrahan ti Allah SWT.

Sadérék rahimakumullaoh..

Jalmi anu maca sholawat hartina anjeunna bener-bener mikacinta ka rosulna, sarta jalmi anu bersholawat engkina tiasa meunangkeun syafa'at ti Rasulullah saw di dinten kiamat. Amin yaa robbal alamin..

Ku kituna, hayu urang mangga sami-sami maca sholawat ti ayeuna..

اَللّـٰـهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى أَٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ فِى الْعٰلَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ

Alhamdulillahirobbilalamin, mugi-mugi urang sadaya diaku janten ummatna sarta mugi-mugi urang ogé sadaya meunangkeun syafa'at ti mantenna, amin yaa robbalalamin....

Cekap sakitu waé anu tiasa simabdi dugikeun dina biantara singket ngenaan kana pentingna urang maca sholawat. Simabdi menta dihapunten lamun ceunah seueur kalepatan dina biantara ieu. Sabab, kesaéan mah ngan ukur datang ti Allah, sarta kakirangan mah datangna ti abdi sorangan.

Wassalamualaikum, wr, wb.. 

Baca Juga: Kumpulan Biantara Sunda Terbaru Tema Kemerdekaan, Pendidikan, Kesehatan, Ini Pidato Sunda Terbaru

2. Contoh biantara Sunda menyambut kelahiran anak

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah Swt. Tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa anu parantos dipaparinkeun ka urang sadayana.

Salajengna shalawat sareng kasalamatan mugi tetep dilimpahkan ka panutan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW. Sareng kasadayana kulawargina para sahabatna, sareng para pengikutna anu nganut kana ajaran anjeuna, anu malah mandar urang oge kawuwuh ku rahmat sareng kasalametanana.

Salajengna teu hilap simkuring ngahaturkeun rebu nuhun ka para wargi sadaya, anu parantos tiasa nyaosan kanggo ngahadiran undangan ieu, kanggo maparin do’a restuna kana kalahiran pun anak anu ka ... Nu lahir dina dinten ... Ping ... Nu parantos kalangkung.

Nu mudah-mudahan ku berkah du’a ti para wargi sadayana, simkuring sakulawargi tiasa dipaparin kasalametan sareng kasejahteraan hirup.

Saterasna ka para bapa, ibu sareng saderek sadaya nu ngaraos ngiring ngabantosan boh mangrupi saran atanapi nasehat ka pun bojo pikeun kalancaran lahirana bayi dina waktos anu bagja ieu, simkuring ngahaturkeun  nuhun.

Fina kesempatan ieu simkuring nyuhunkeun disaksen ku para wargi  sadaya, wireh pun anak anu nembe dilahirkeun dipaparin jenengan “...”

Sareng sabagi limpahan rasa syukur simkuring ka Allah swt, anu mana parantos maparin karuniaNa ka urang sadaya. Para wargi sadaya di ulem ku simkuring ka dieu, kanggo sakadar tuang leueut alakadarna.

Salajengna upami aya kakirangan, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu kusimkuring disayogikeun engkina, sihapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya.

Sakali deui mugi-mugi urang sadaya kalebet jalmi anu kersa syukuran ka Allah Swt, tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa.

Rupina cekap sakitu nu kapihatur, akhirul kalam wabillahi taupiq walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr.Wb. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Tema Pidato Menyambut Kelahiran Anak, Singkat dan Mudah!

3. Contoh biantara Sunda mencegah banjir

Assalamualaikum Wr.Wb..

Anu dipihormat Bapak/Ibu pupuhu sakola SMP.. Sareng anu dipikahormat ibu sareng bapa guru, sarta nu ku simabdi pikacinta rerencangan-rerencangan sarta adi-adi kelas sadayana.

Puji sinareng sukur mangga urang hanturkeun ka allah SWT, ku sabab kawasana urang tiasa ngariung di dieu dina kaayaan anu sampurna teu aya kirang hiji nanaon ogé, teu hilap sholawat sinareng salam teu liren-lirena kanggo nabi urang sarerea nabi Muhammad SAW, nabi ahir jaman anu ku urang dagoan pitulungna di dinten ahir.

Sababaraha warsih pamungkas ieu di Indonesia, hususna di wéwéngkon jawa barat sering ngalaman musibah banjir. Seueur perkawis anu menyebabkeun banjir téh janten barobah kaayaan musibah langganan anu dongkap diunggal saban warsih na.

Conto anu gampil ku urang tingali sacara langsung sababna banjir téh nyaéta, sepertos miceun runtah henteu dina tempatna, kamalir anu kacocokan ku runtah, sarta kirangna tatangkalan anu tiasa nyerepan kana cai dina waktos hujan.

Réréncangan-réréncangan saréréa..
Saha anu saleresna tiasa nungkulan kana peryogi dina perkawis banjir ieu téh? Sadar teu, lamun cai caah anu saban warsih nu dongkap di tempat urang téh lantaran nyaéta ku sabab urang sorangan?

Urang saréréa sering ngabaikeun ka lingkungan sakitaran urang, nuar tatangkalan bari jeung tara melakan, sareng micen runtah kumaha baé karepna.

Caah ngabogaan akibat anu ageung kanggo kahirupan jalmi. Sapertos dimimitian ti langkana cai bersih, gagalna sagala rupi tatanén, kahambatna sagala rupi aktivitas sadidinten sapertos sakola jeng sajabana, sarta jadi asal muasal panyakit sepertos ateul-ateul, diare, sareng seueur deui anu liana.

Saprak caah lumangsung dugi ka kiwari ayeuna, tacan aya cara anu éféktif anu sanggem ngeureunkeun musibah caah anu dongkap tiap saban warsihna.

Nanging, perkawis anu kahiji nu tiasa ku urang pidamel nyaéta di mimitian kanggo ngendalikeun diri urang sorangan, sapertos ngajagi kaberesihan lingkungan, sareng melak tatangkalan anu tiasa nyerepan kana cai sabot hujan turun.

Sadérék sadaya anu budiman..

Atos waktosna urang eureun nyalahkeun pamaréntah anu ku urang nilai henteu tiasa milarian jalan anu éféktif kanggo nungkulan cai caah atanapi banjir ieu.

Ku kituna, ayeuna hayu urang mitembéyan ti diri urang sorangan, kahiji nyaéta ngajagi kaberesihan lingkungan, miceun runtah kana tempatna, sarta ulah padu waé nuaran tatangkalan, sareng ngabersihkeun kamalir disekitaran tempat urang.

Sabab, saban perkawis anu ngabantun dina kahadean téh tiasa dimimitian ku diri urang sorangan, ku kituna batur ogé engkin ngiringan naon anu ku urang pidamelan, sabot éta tiasa masihan mangpaat.

Sakitu waé biantara ti simabdi anu tiasa didugikeun kana perkawis anu ngenaan kana masalah banjir, hapunten tina sagala rupi kakiranganana. Wassalamualaikum Wr.Wb. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda Singkat, Jelas dan Padat, Pidato Bertema Menjaga Kesehatan

4. Contoh biantara Sunda Hari Pahlawan

Assalamu ’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Kalawan kasempetan isuk ieu anu cerah pisan ieu,marilah urang curahkan rasa sukur urang ka Allah Swt,margi dina kasempetan ieu urang bangsa Indonesia,tiasa pangemut dinten pahlawan,benerna dina ping 10 Nopember tahun…..Gampil-mudahan dina mepeling ieu urang sok ngeling-ngeling,sarta ngajenan j pangharepan-j pangharepan para pahlawan anu atos gugur miheulaan urang demi bangsa Indonesia anu tercinta ieu.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia anu tercinta

Minangka bangsa Indonesia haruslah terang sajarah liku -liku perjuangan bangsa,kanggo nyingkahkeun para pangjajah anu ngawasa di indonesia. Perjuangan ieu nampaknya abot pisan dirasakeun,margi nyawalah anu barobah kaayaan taruan. Bercucuran getih,bermandikan getih di medan perang kanggo kamerdikaan bangsa.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Kiwari urang kantun ngarasakeun raos na berdiam di nagara anu caos kalawan kedamaian,sarta ieu sadayana mustahil kabiruyungan,tanpa kitu kaayaanana perjuangan anu kiat.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Saban ping 10 Nopember urang bangsa Indonesia haruslah ingatlah balik mangsa anu kapungkur nasib bangsa urang. Urang emut balik perjuangan pahlawan,sarta ulah hilap urang ngungkabkeun rasa sukur ka Allah Swt. margi nikmat anu kaetang diloba ci (hujan)keun ka bangsa urang,nyaeta mangrupi kameunang kanggo ngarebut lemah cai Indonesia anu atos dikawasa para pangjajah.

Wargi-wargi sabangsa salemah cai Indonesia,anu tercinta.

Dina kasempetan isuk anu cerah pisan ieu marilah urang menadahkeun kadua panangan urang kanggo memohon ka Allah Swt. gampil-mudahan pajoang urang sadayana mendapat tempat anu bingah disisi-Na. Gampil-mudahan Allah Swt. sok masihan kakiatan wedal sarta bathin ka pamingpin-pamingpin urang anu kitu tangguh dina milampah kamakmuran rahayat na. Gampil-mudahan bangsa Indonesia jaya salamina,damau,tenang,aman sentosa. Gampil-mudahan bangsa Indonesia ditangtayungan ti marabahaya. Gampil-mudahan Allah sok meridlai peijuangan pamingpin urang,sarta ngabales minangka amalan shalih kalawan pahala anu balipet-lipet di aherat jaga.

Kitu biantara urang,manawi wae aya sanggem-sanggem anu kirang ngawidian dihati urang menta hapunten. Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh. 

Baca Juga: 3 Contoh Teks Biantara Sunda (Pidato) untuk Pelajar dan Tugas Sekolah, Singkat Tema Hari Kemerdekaan

5. Contoh biantara Sunda Kenakalan Remaja

Assalamualaikum wr,wb

Sampurasun,,

Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,

Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu.

Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna.

Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,              

Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan.

Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna.

Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.        

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;

1.       Kurangna perhatosan ti kolot

2.       Kolot anu cerai (pisah/pegat)

3.       Kurangna Iman

4.       Wewengkon dumuk

5.       Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.

Palawargi sadaya,    

Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Saninten buah saninten

Saninten di parapatan

Hapunten abdi hapunten

Bilih aya kalepatan

Wassalamualaikum wr.wb

6. Contoh biantara Sunda tentang agama

Assalamualaikum wr. Wb

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, patepang wajah.

Salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin.

Hadirin anu dipikahormat,

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan. Bisa nyadarkeun yen saenyana sagala perkara anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt.

Ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran. Sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt. Jjadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt. Hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun nikmat ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt.

Upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt. Kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Sareng upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja

Anu hartosna :

“saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten.

Wassalamu ‘alaikum wr.wb

Demikian ulasan mengenai ini 6 contoh biantara Sunda berbagai tema untuk referensi belajar di sekolah, pidato Sunda.***

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah