Contoh Artikel Sunda Tema Kesenian Daerah Pasundan, Cocok untuk Referensi Tugas Pelajar

- 6 Agustus 2022, 07:00 WIB
Ilustrasi artikel Sunda.
Ilustrasi artikel Sunda. /Pixabay/Engin_Akyurt/

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat teh geus jadi kasenian nasional. Lain bae urang Sunda nu mikaresep jaipongan teh, tapi oge dipikaresep ku seler bangsa sejen.

Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk beja, urang mancanagara oge loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda teh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana teh kiwari nungtut laleungitan.

Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadenge ngaranna bae. Ari pangna terus muguran teh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Singkat Padat dan Jelas Bertema Pendidikan Cocok untuk Pelajar

Kanyataan ieu teh puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu gede ajenna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu apal janggelekna oge. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi hirup.

Geura urang tataan, diantarana bae, wayang golek, jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, reog, longser, lais, debus, ubrug, ujungan, dombret, kawih, gending karesmen, bangbarongan, jeung gondang. Eta teh karek sabagian leutik, dah ceuk beja kasenian Sunda anu kungsi hirup teh leuwih ti tilu puluh rupana. 

Baca Juga: Kumpulan Paribasa (Peribahasa) Sunda yang Sering Digunakan dalam Isi Biantara, Lengkap dengan Maknanya

Moal boa, di seler bangsa sejen oge mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui nu paehna. Lamun ti hiji seler bangsa, sebut bae, mibanda tilu puluh kasenian, pek kalikeun ku hidep.

Halaman:

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah