Kumpulan Teks Biantara Bahasa Sunda, Pidato Singkat dan Padat Bertema Kenakalan Remaja

- 3 Agustus 2022, 06:05 WIB
Ilustrasi Pidato - Berikut ini contoh pidato acara perpisahan sekolah untuk SMA-SMK kelas 12 menggunakan bahasa Inggris-Indonesia, semoga bermanfaat
Ilustrasi Pidato - Berikut ini contoh pidato acara perpisahan sekolah untuk SMA-SMK kelas 12 menggunakan bahasa Inggris-Indonesia, semoga bermanfaat /pixabay.com

SERANG NEWS - Artikel ini akan menyajikan contoh teks biantara bahasa Sunda atau pidato menggunakan bahasa Sunda.

Pidato atau biantara bahasa Sunda ini cocok dibacakan oleh pelajar yang menginjak usia remaja sebagai pengingat agar menghindari kenakalan remaja.

Selain itu, biantara Sunda ini bisa melatih publik speaking anda untuk bisa menyampaikan gagasan di depan khalayak umum.

Baca Juga: Contoh Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Tema Pahlawan, Untuk Memeriahkan HUT RI Tahun 2022 yang ke-77

Berikut ini pidato atau biantara bahasa Sunda dengan tema kenakalan remaja:

1. Kenakalan Remaja

Assalamualaikum wr,wb

Sampurasun,,

Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,

Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu.

Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna.

Baca Juga: Contoh Teks Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Singkat Tentang Menuntut Ilmu, Cocok untuk Pelajar

Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,

Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan.

Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna.

Baca Juga: Contoh Biantara Sunda atau Pidato Bahasa Sunda Hari Kemerdekaan, Cocok Dipakai HUT RI Tahun 2022 ke-77

Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;

1. Kurangna perhatosan ti kolot

2. Kolot anu cerai (pisah/pegat)

3. Kurangna Iman

4. Wewengkon dumuk

5. Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.

Baca Juga: Ini Contoh Dialog Offering Help untuk 2 Orang Siswa, Lengkap Beserta Artinya Mudah Untuk Dipraktekkan

Palawargi sadaya,

Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Saninten buah saninten

Saninten di parapatan

Hapunten abdi hapunten

Bilih aya kalepatan

Wassalamualaikum wr.wb

2. Narkoba

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta.

Baca Juga: Contoh Dialog Offering Help 2 Siswa di Sekolah Bahasa Inggris Beserta Artinya, Singkat dan Mudah Dipahami

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.

Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja“.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Biantara Sunda Tema Kebersihan, Pidato dan Ceramah Sunda Pendek dan Singkat

Narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi.

Narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan. Sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian.

Tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-gaya hungkul. Bari jeung teu apal kana pibahayaeunnana. Istilah bahasa deungena mah “ drug is purpose for freestyle” .

Anu ngagunakeun jeung ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku masyarakat, teu meunang pagawean jsb.

Numatak tong hayang apal kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal datang.

Baca Juga: Contoh Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Tema Bahaya Narkoba, Cocok Buat Ingatkan Kalangan Remaja

Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh, hayu urang eusian ku diajar anu soson-soson. Guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia. Sakali deui “ SAY NO TO DRUG”.

Mugi-mugi mangpaat keur kahirupan urang sadayana. Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan Nu teu merenah kanu manah hatur nuhun kanu sadaya perhatosanana.

Akhirul kalam Wabillahitaufik walhidayah Wassalamualaikum wr.wb

Demikian contoh teks pidato singkat, padat dan jelas menggunakan bahasa Sunda bertema kenakalan remaja.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah