Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Menyambut Kelahiran Anak, Mudah dan Singkat

12 September 2022, 19:43 WIB
Contoh Pidato Biantara Bahasa Sunda /Pixabay/ Jarmoluk/

SERANG NEWS - Berikut ini contoh biantara bahasa Sunda, pidato menyambut kelahiran anak.

Contoh biantara bahasa Sunda, cocok untuk berpidato jika kalian baru saja diberi momongan atau anak.

Contoh biantara bahasa Sunda ini sangat mudah dan singkat, sehingga mudah untuk dihafal.

Contoh biantara bahasa Sunda ini juga mengajarkan kita untuk bersyukur, karena sudah dikaruniai anak. 

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Kenakalan Remaja, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Pidato di Sekolah

Buat kalian yang butuh refernsi pidato untuk menyambut kelahiran anak, contoh biantara bahasa Sunda sebagai berikut:

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah Swt. Tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa anu parantos dipaparinkeun ka urang sadayana.

Salajengna shalawat sareng kasalamatan mugi tetep dilimpahkan ka panutan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad SAW.

Sareng kasadayana kulawargina para sahabatna, sareng para pengikutna anu nganut kana ajaran anjeuna, anu malah mandar urang oge kawuwuh ku rahmat sareng kasalametanana. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Mencegah Banjir, Mudah dan Singkat, Cocok Jadi Referensi Tugas Sekolah

Salajengna teu hilap simkuring ngahaturkeun rebu nuhun ka para wargi sadaya, anu parantos tiasa nyaosan kanggo ngahadiran undangan ieu, kanggo maparin do’a restuna kana kalahiran pun anak anu ka ... Nu lahir dina dinten ... Ping ... Nu parantos kalangkung.

Nu mudah-mudahan ku berkah du’a ti para wargi sadayana, simkuring sakulawargi tiasa dipaparin kasalametan sareng kasejahteraan hirup.

Saterasna ka para bapa, ibu sareng saderek sadaya nu ngaraos ngiring ngabantosan boh mangrupi saran atanapi nasehat ka pun bojo pikeun kalancaran lahirana bayi dina waktos anu bagja ieu, simkuring ngahaturkeun nuhun.

Fina kesempatan ieu simkuring nyuhunkeun disaksen ku para wargi sadaya, wireh pun anak anu nembe dilahirkeun dipaparin jenengan “...” 

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

Sareng sabagi limpahan rasa syukur simkuring ka Allah swt, anu mana parantos maparin karuniaNa ka urang sadaya. Para wargi sadaya di ulem ku simkuring ka dieu, kanggo sakadar tuang leueut alakadarna.

Salajengna upami aya kakirangan, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu kusimkuring disayogikeun engkina, sihapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya.

Sakali deui mugi-mugi urang sadaya kalebet jalmi anu kersa syukuran ka Allah Swt, tina saniskanten ni’mat sareng karuniaNa.

Rupina cekap sakitu nu kapihatur, akhirul kalam wabillahi taupiq walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Demikian ulasan contoh biantara bahasa Sunda, pidato menyambut kelahiran anak.***

Editor: Kiki

Sumber: Berbagai Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler