Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Mencegah Banjir, Mudah dan Singkat, Cocok Jadi Referensi Tugas Sekolah

10 September 2022, 18:30 WIB
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda /pixabay.com

SERANG NEWS - Berikut ini contoh biantara bahasa Sunda dengan tema mencegah banjir.

Sehubungan sudah memasuki musim penghujan, kami sajikan contoh biantara bahasa Sunda tema mencegah banjir.

Contoh biantara bahasa Sunda tema mencegah banjir ini, sangat mudah dan juga singkat.

Baca Juga: 2 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Maulid Nabi, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas Sekolah

Sehingga kalian bisa dengan mudah menghafal dan mengerti, makna dari contoh biantara bahasa Sunda dengan tema mencegah banjir.

Selain itu contoh biantara bahasa Sunda ini, bisa kalian gunakan untuk referensi, jika ada tugas membuat pidato bahasa Sunda di Sekolah.

Lebih lanjut dikutip dari Pidato Bahasa Sunda, contoh biantara bahasa Sunda dengan tema mencegah banjir, sebagai berikut:

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Jawa Tema Porsenitas, Singkat dan Mudah, Cocok untuk Memperingati Hari Olahraga Nasional

Assalamualaikum Wr.Wb..

Anu dipihormat Bapak/Ibu pupuhu sakola SMP.. Sareng anu dipikahormat ibu sareng bapa guru, sarta nu ku simabdi pikacinta rerencangan-rerencangan sarta adi-adi kelas sadayana.

Puji sinareng sukur mangga urang hanturkeun ka allah SWT, ku sabab kawasana urang tiasa ngariung di dieu dina kaayaan anu sampurna teu aya kirang hiji nanaon ogé, teu hilap sholawat sinareng salam teu liren-lirena kanggo nabi urang sarerea nabi Muhammad SAW, nabi ahir jaman anu ku urang dagoan pitulungna di dinten ahir.

Sababaraha warsih pamungkas ieu di Indonesia, hususna di wéwéngkon jawa barat sering ngalaman musibah banjir. Seueur perkawis anu menyebabkeun banjir téh janten barobah kaayaan musibah langganan anu dongkap diunggal saban warsih na.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Berbagai Tema, Pidato Singkat yang Pas untuk Belajar

Conto anu gampil ku urang tingali sacara langsung sababna banjir téh nyaéta, sepertos miceun runtah henteu dina tempatna, kamalir anu kacocokan ku runtah, sarta kirangna tatangkalan anu tiasa nyerepan kana cai dina waktos hujan.

Réréncangan-réréncangan saréréa..
Saha anu saleresna tiasa nungkulan kana peryogi dina perkawis banjir ieu téh? Sadar teu, lamun cai caah anu saban warsih nu dongkap di tempat urang téh lantaran nyaéta ku sabab urang sorangan?

Urang saréréa sering ngabaikeun ka lingkungan sakitaran urang, nuar tatangkalan bari jeung tara melakan, sareng micen runtah kumaha baé karepna.

Baca Juga: Ciri dan Contoh Pidato Persuasif Bertema Pendidikan, Ajakan Singkat Bahasa Indonesia yang Bisa Jadi Referensi

Caah ngabogaan akibat anu ageung kanggo kahirupan jalmi. Sapertos dimimitian ti langkana cai bersih, gagalna sagala rupi tatanén, kahambatna sagala rupi aktivitas sadidinten sapertos sakola jeng sajabana, sarta jadi asal muasal panyakit sepertos ateul-ateul, diare, sareng seueur deui anu liana.

Saprak caah lumangsung dugi ka kiwari ayeuna, tacan aya cara anu éféktif anu sanggem ngeureunkeun musibah caah anu dongkap tiap saban warsihna.

Nanging, perkawis anu kahiji nu tiasa ku urang pidamel nyaéta di mimitian kanggo ngendalikeun diri urang sorangan, sapertos ngajagi kaberesihan lingkungan, sareng melak tatangkalan anu tiasa nyerepan kana cai sabot hujan turun.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Persuasif Bahasa Indonesia Bertema Pengaruh Globalisasi, Cocok Buat Pelajar

Sadérék sadaya anu budiman..
Atos waktosna urang eureun nyalahkeun pamaréntah anu ku urang nilai henteu tiasa milarian jalan anu éféktif kanggo nungkulan cai caah atanapi banjir ieu.

Ku kituna, ayeuna hayu urang mitembéyan ti diri urang sorangan, kahiji nyaéta ngajagi kaberesihan lingkungan, miceun runtah kana tempatna, sarta ulah padu waé nuaran tatangkalan, sareng ngabersihkeun kamalir disekitaran tempat urang.

Sabab, saban perkawis anu ngabantun dina kahadean téh tiasa dimimitian ku diri urang sorangan, ku kituna batur ogé engkin ngiringan naon anu ku urang pidamelan, sabot éta tiasa masihan mangpaat.

Sakitu waé biantara ti simabdi anu tiasa didugikeun kana perkawis anu ngenaan kana masalah banjir, hapunten tina sagala rupi kakiranganana.

Wassalamualaikum Wr.Wb.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler