Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Berbagai Tema, Pidato Singkat yang Pas untuk Belajar

9 September 2022, 16:52 WIB
Ilustrasi Pidato atau biantara bahasa Sunda /pixabay.com

SERANG NEWS - Berikut ini akan disajikan beberapa contoh biantara Bahasa Sunda atau pidato dengan berbagai tema.

Biantara Bahasa Sunda merupakan pidato yang biasanya disampaikan pada berbagai momentum acara menggunakan Bahasa Sunda.

Berbagai tema mulai dari kenegaraan, keagamaan, pendidikan, kesehatan dan lainnya bisa menjadi pilihan topik yang disampaikan.

Baca Juga: Ciri dan Contoh Pidato Persuasif Bertema Pendidikan, Ajakan Singkat Bahasa Indonesia yang Bisa Jadi Referensi

Berikut ini akan disajikan beberapa contoh biantara Bahasa Sunda dengan berbagai tema:

Contoh 1

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Persuasif Bahasa Indonesia Bertema Pengaruh Globalisasi, Cocok Buat Pelajar

Dina salah sahiji hadits diterangkeun…

Inna dhofatu minal iman.

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana. Nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Baca Juga: 3 Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Keagamaan, Mudah dan Singkat, Cocok untuk Referensi Tugas

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Baca Juga: Kumpulan Biantara Bahasa Sunda Bertema Kemerdekaan, Pidato Singkat yang Mudah Dihafal

Wassalamu ‘alaikum wr. wb

Contoh 2

Bismilaahirrohmanir rohim,

Assalaamualaikum wr. wb..

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu.

Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka...ieu.

Baca Juga: Kumpulan Contoh Dialog Bahasa Inggris 2 Orang di Sekolah Singkat dan Mudah Dipahami di Sekolah

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka...

Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna. Intina, urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangpaat pikeun diri urang.

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Tentang Menjaga Keindahan Kampung Halaman

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merenah.

Akhirul kalam, Wassalamu ‘alaikum wr. wb

Contoh 3

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du

Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring. Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Bahasa Indonesia untuk Acara Ulang Tahun Sekolah, Mudah Dihafal dan Singkat

Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil ‘alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara.

Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal ‘alamin.

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT. Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Tentang Menjaga Keindahan Kampung Halaman

Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.

Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.

Sakumaha pidawun Rosululloh SAW “ Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”

Baca Juga: Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda, Pidato Bertema Kesehatan yang Singkat dan Padat

Nanging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT. Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.

Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.

Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal ‘alamin.

Baca Juga: Contoh Teks Pidato Bahasa Indonesia untuk Kegiatan Masyarakat, Mudah, Singkat dan Jelas

Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.

Wassalamu’alaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

Demikian beberapa contoh pidato atau biantara berbagai tema dengan menggunakan Bahasa Sunda.***

Editor: Masykur Ridlo

Sumber: Berbagai Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler