Contoh Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Singkat Tentang Kenakalan Remaja, Cocok Untuk Penyuluhan

3 Agustus 2022, 23:07 WIB
Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

SERANG NEWS - Berikut ini merupakan sebuah contoh teks biantara atau pidato dengan bahasa Sunda singkat bertema tentang kenakalan remaja.

Biantara Sunda atau pidato bahasa Sunda ini cocok disampaikan ketika sedang mengadakan acara penyuluhan bagi anak-anak muda, yang dapat disampaikan oleh semua kalangan.

Selain itu, biantara Sunda ini dapat melatih kemampuan public speaking kamu agar dapat menyampaikan pendapatmu di khalayak umum. 

Baca Juga: Apa Makna, Tujuan dan Struktur Biantara Bahasa Sunda? Begini Penjelasannya dengan Bahasa Sunda

Berikut adalah contoh terks biantara atau pidato bahasa Sunda singkat dengan tema kenakalan remaja:

Assalamualaikum wr.wb

Sampurasun, Bapak/Ibu guru anu kusimkuring di pihormat. Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat.

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu.

Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu inshaAllah kenging syafa’at ti mantenna. 

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda, Pidato Mudah dan Singkat tentang Kesehatan dan Bahaya Merokok

Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,

Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah.

Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan. 

Baca Juga: Contoh Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Tema Pahlawan, Untuk Memeriahkan HUT RI Tahun 2022 yang ke-77

Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan.

Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna.

Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna? da urang jeung kolot oge.

Ayeuna aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana:

1. Kurangna perhatosan ti kolot

2. Kolot anu cerai (pisah/pegat)

3. Kurangna Iman

4. Wewengkon dumuk

5. Budak anu teu nurut ka kolot 

Baca Juga: Contoh Teks Biantara (Pidato) Bahasa Sunda Singkat Tentang Menuntut Ilmu, Cocok untuk Pelajar

Kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana?

Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.

Kolot oge kudu ngingetan ka anak, pituduh ka anak sareng keluarga. kolot kudu bisa ngarahkeunnana kana jalan anu bener.

bisa ambek ka anak, tapi kalawan kalimah luyu. Entong ngagorowok, sareng diwartosan upami anak anjeun ngalakukeun kasalahan anu nyababkeun kenakalan rumaja.

Palawargi sadaya,

Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring.

Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Hapunten abdi hapunten. Bilih aya kalepatan

Wassalamualaikum wr.wb

Demikian contoh teks pidato atau biantara bahasa Sunda tentang kenakalan remaja, semoga bermanfaat.***

Editor: Kiki

Tags

Terkini

Terpopuler